Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Wali Kota Sukabumi, H. Achmad Fahmi nandeskeun, Bulan Romadhon nya éta Syahrul Ukhuwah atawa Bulan Duduluran, kaasup jeung warga Palestina. Ěta panandesan Wali Kota Sukabumi téh, ditepikeun basa ngahadiran Safari Dakwah anu dicalagarakeun ku KNRP (Komite Nasional pikeun Rahayat Palestina), di Masjid Al-Mulk Terminal Tipe A K.H. Ahmad Sanusi Kota Sukabumi, Jalan Lingkar Selatan Kota Sukabumi, anyar-anyar ieu. Ěta Safari Dakwah anu ngahadirkeun Ulama ti Palestina, nya éta Syéikh Omar Hussén Harb Al Zuhour téh, ngangkat tema, Neuleuman Hakékat Bumi para Nabi.
Salian ti éta, Wali Kota Sukabumi ngahaturkeun nuhun katut pangajén anu saluhur-luhurna ka KNRP, anu geus nyalagarakeun Safari Dakwah di Masjid Al-Mulk Terminal Tipe A K.H. Ahmad Sanusi Kota Sukabumi. Saterusna dijelaskeun, KNRP téh nya éta lembaga anu ngalaksanakeun sosialisasi kaayaan masarakat di Palestina, anu ngabutuhkeun pahatian jeung bantuan. Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, ieu kagiatan téh sajalan jeung Bulan Romadhon sabagé Syahrul Ukhuwah atawa Bulan Duduluran anu kudu dironjatkeun.
Salajuna Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun ka sakumna lapisan masarakat, sangkan dina Bulan Romadhon atawa Bulan Duduluran téh, bisa méré kontribusi sacara positif ka masarakat anu ngabutuhkeun, luyu jeung kamampuhan masing-masing.
Lian ti éta Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, KNRP kacida hadéna nepikeun béwara ngeunaan masarakat di Palestina, sarta ngadatangkeun Ulama ti Palestina. Leuwih jauh Wali Kota Sukabumi ngajelaskeun, béwara atawa béja anu beunang dina bulan Romadhon Taun 1440 Hijriyah téh, nya éta tekenan ka rahayat Palestina mingkin ngaronjat. Ku sabab kitu, Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun, tekenan jeung ujian ka masarakat di Palestina téh bisa diliwatan sacara hadé.
Saterusna Wali Kota Sukabumi ngaharepkeun ka sakumna lapisan masyarakat, sangkan salawasna ngadoakeun Kota Sukabumi supaya tetep kondusif, nya éta aman, tengtrem, ayem jeung rukun, sarta séhat jeung sajahtra, katut iman jeung takwa ka Nu Maha Kawasa.