Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Tarling (Tarawéh Nguriling) Tim Safari Romadhon Kota Sukabumi Taun 1440 Hijriyah atawa Taun 2019 Maséhi, dieusi pamasrahan bantuan sarana kaagamaan, saperti dina taun-taun saméméhna. Nya éta pikeun Masjid Kacamatan masing-masing gedéna Rp. 6 juta, pikeun Masjid Kalurahan masing-masing gedéna Rp. 2 juta, jeung pikeun Masjid RW anu digunakeun tempat atawa lokasi Tarling masing-masing gedéna Rp. 1 juta, ditambah bingkisan ti Setda Kota Sukabumi, DPRD Kota Sukabumi jeung Baznas Kota Sukabumi. Lian ti éta, ogé dieusi Laporan Ketua DKM, Biantara Wali Kota Sukabumi sarta Caramah.
Anapon Tarling puteran ka 1 dilaksanakan tanggal 8 Méi 2019, di Masjid Miftahul Huda, Jalan Siliwangi Gang Jayaniti 1, Kalurahan Cikolé Kacamatan Cikolé, puteran ka 2 tanggal 9 Méi 2019, di Masjid Al-Faizin, Jalan Kolébérés, RW 17 Kalurahan Dayeuhluhur Kacamatan Warudoyong, jeung puteran ka 3 tanggal 10 Méi 2019, di Masjid Darul Muttaqin, Jalan Ciandam Sudajaya, RT 04 RW 04 Kalurahan Cibeureum Hilir Kacamatan Cibeureum.
Salajuna puteran ka 4 tanggal 13 Méi 2019, di Masjid Baitul Makmur, Jalan Aminta Azmali, Kampung Kuta Pasir RT 06 RW 10 Kalurahan Sriwidari Kacamatan Gunung Puyuh, puteran ka 5 tanggal 14 Méi 2019, di Masjid At-Tawakal, Kampung Cibodas RT 01 RW 08 Kalurahan Sudajaya Hilir Kacamatan Baros, jeung puteran ka 6 tanggal 15 Méi 2019, di Masjid Darusalam, Jalan R.H. Didi Sukardi Kalurahan Citamiang Kacamatan Citamiang.
Saterusna puteran ka 7 tanggal 16 Méi 2019, di Masjid Al-Kautsar Perum Situ Ěndah RT 02 RW 02 Kalurahan Lembursitu Kacamatan Lembursitu, puteran ka 8 tanggal 17 Méi 2019, Tarling Gubenur katut Wakil Gubernur Jawa Barat, puteran ka 9 tanggal 20 Méi 2019, di Masjid Agung Kota Sukabumi, sakaligus miéling Nuzulul Quran, puteran ka 10 tanggal 21 Méi 2019, di DPRD Kota Sukabumi, sarta puteran ka 11 atawa puteran pamungkas tanggal 22 Méi 2019, di Masjid Al-Ikhlas Pemda Kota Sukabumi.
Sedengkeun Rombongan Tarling Tim Safari Romadhon téh, ngawengku Wali Kota Sukabumi, Wakil Wali Kota Sukabumi, Pingpinan katut Anggota DPRD Kota Sukabumi, unsur Forkopimda Kota Sukabumi, PLT Sekda (Palaksana Tugas Sekertaris Daérah) Kota Sukabumi, Asistén Pamaréntahan Setda Kota Sukabumi, para Kapala OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung Instansi Vértikal, Camat, unsur Muspika (Musawarah Pingpinan Kacamatan) katut para Lurah, jajaran Pangurus MUI Kota Sukabumi jeung Kacamatan, Baznas Kota Sukabumi, sarta jajaran Pangurus Ormas jeung OKP.