Reporter/Redaktur/Editor : ENDANG SUMARDI
Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri S. Hamami, S.H., M.H., meredih ka sakumna lapisan masarakat Kota Sukabumi, sangkan ngagiatkeun deui Gerakan Jumsih (Jumaah Bersih) di wewengkonna masing-masing. Maksud jeung tujuannana, pikeun ngaronjatkeun kabersihan, kaséhatan jeung kaéndahan lingkungan, sarta pikeun ngaronjatkeun PHBS (Parilaku Hirup Bersih jeung Séhat), kaasup pikeun nyingkahan jeung nyegah munculna rupa-rupa jenis kasakit, saperti diaré jeung DBD (Demam Berdarah Déngué).
Ěta pameredih Wakil Wali Kota Sukabumi téh, ditepikeun dina lolongkrang basa ngalaksanakeun Gerakan Jumsih, nya éta nyapuan rupa-rupa jenis runtah babarengn jeung Tim Kabersihan DLH (Dines Lingkungan Hidup) Kota Sukabumi, cindekna di Jalan A. Yani Kota Sukabumi, sawatara poé ka tukang.
Saterusna dijelaskeun, dirina ngahaja turun langsung ngalaksanakeun Gerakan Jumsih di Jalan A. Yani Kota Sukabumi. Maksud jeung tujuannana, pikeun mecut jeung ngahudangkeun sumanget masarakat, sangkan ngalaksanakeun jeung ngabudayakeun deui Gerakan Jumsih di wewengkonna masing-masing. Lian ti éta ogé dijelaskeun, Gerakan Jumsih di Kota Sukabumi téh geus dicanangkeun ku Wali Kota Sukabumi, cindekna dina bulan Séptémber 2019 nu geus kaliwat.
Leuwih jauh dijelaskeun, ieu Gerakan Jumsih téh kudu dilaksanakeun di satiap tingkatan pamaréntahan jeung masarakat, ti mimiti OPD (Organisasi Parangkat Daérah) jeung BUMD (Badan Usaha Milik Daérah) sarta Kacamatan jeung Kalurahan, kaasup Pausahaan nu aya di wewengkon Kota Sukabumi, kalayan kudu dilaksanakeun sacara rutin di wewengkonna masing-masing.
Sedengkeun Kapala DLH Kota Sukabumi, Drs. Adil Budiman, M.Si. ngaharepkeun, ieu Gerakan Jumsih téh lain ukur dilaksanakeun dina poé Jumaah wungkul, tapi bisa dilaksanakeun dina poé-poé séjénna. Lantaran anu ngarannna runtah mah, dina saban poéna salawasna sok aya waé. Lian ti éta ogé diharepkeun, Gerakan Jumsih téh bisa dimimitian ti lingkungan imah masarakat masing-masing jeung di sabudeureunnana. Sabab ku éta hal téh, satiap lingkungan imah masarakat jeung di sabudeureunnana di Kota Sukabumi bisa leuwih bersih sarta leuwih séhat jeungt leuwih éndah deui.
Kapala DLH Kota Sukabumi cumeluk sakaligus miharep ka sakumna lapisan masarakat Kota Sukabumi, sangkan milih heula runtah anu rék dipiceun, nya éta runtah organik mangrupa sésa kadaharan, daun jeung jukut, pikeun dijadikeun bahan pupuk organik atawa kompos, jeung runtah anorganik, saperti pelastik, botol pelastik, tas pelastik, kaléng jeung sajabana, pikeun didaur ulang dijadikeun barang-barang karajinan